• FYI

    26 Mei 2014

    Hendi Suhendi, Asal Ciamis, Si Jurig Pocong Bobotoh Persib

    Hendi Suhendi, ngaran aslina mah. Ngaku asal ti Ciamis, tapi kiwari nganjrekna di daérah Banjaran. Manéhna jadi bahan catur di media berita jeung dunya maya. Sababna taya lian, teu kagok édan, geus tujuh taun jadi jurig pocong nu ngabobotohan Persib di pakalangan.

    Mimitina mah, cénah, sakumaha didongéngkeun ka wartawan inilah.com, manéhna kailhaman ku sésa lawon boéh, basa aya kolot babaturanana nu mulang ka kalanggengan. Lawon téh bet euweuh nu daék ngampihan, da meureun kareueungeun. Antukna dibawa ku manéhna, rék dijieun ‘seragam’ keur ngabobotohan Persib mun maén. Pakéan pocong téh asalna euweuh nu daékeun ngaputna deuih, pokna, da sarieuneun téa. Tapi, tungtungna mah aya nu wani mangjaitkeunana. Ayeuna, Kang Hendi miboga lima pakéan pocong, salah sahijina biru bodas, pokna.

    Perkara jadi bobotoh sajati mah, Kang Hendi lain anyar-anyar, geus ti baheula mula, saméméh jadi jurig pocong téa. Nu matak nékad jadi pocong ogé, apanan ku sabab dilandih ku babaturanana, pajarkeun ‘Si Jurig Persib’, awahing ku bébéakan pisan nge-fans-na ka kleub éta. Sok sanajan sakumaha sibukna ogé, mun Persib maén mah Hendi pasti miang.

    Najan papakéanana kawilang ahéng, ari perkara persiapan nongton mah Kang Hendi tuladeun pisan. Ti saméméhna, manéhna geus kukumpul duit husus keur meuli tikét, da embung kapoosan. Laju, tikétna ogé teu milih nu samanéa, tapi meuli nu kelas VIP, da hayang ngeunaheun dina nongtonna. Dina derna rék nongton, manéhna dangdan heula ti imah mula, jadi di jalan téh geus jadi jurig pocong téa.

    Salila mamaké baju pocong téh kacida loba pangalamanana, ti mimiti dipikahélok, dipikasieun, tug nepi ka dibéré pujian ku sabab motékar. Malah kungsi ogé, pokna, ditéwak satpam minimarket gara-gara balanja bari mamaké dangdanan jurig pocongna. Ka dieunakeun, manéhna bisa asup kana acara tipi sagala (ti dinya manéhna apal kana make-up pikeun ngagaya jurig tea, cénah). Geus puguh deui, ari keur lalajo maén bal mah, kru tipi jeung para wartawan juprat-jeprét motrét manéhna. Nu ménta hayang dipoto bareng ogé teu kurang-kurang jumlahna.

    “Sakali dangdan téh, nya kira-kira séép biaya kana salawé rébuan mah, lah,” pokna. Maké bahan make-up tuda ayeuna mah nu dipakéna. Teu siga baheula, basa mimiti dangdan ala pocong téa, nékad make cét témbok sagala. Atuh puguh, kulitna karasa peurih, da lain bahanna!

    Rék nepi ka iraha Kang Hendi jadi jurig pocong nu ngabobotohan Persib? “Abdi badé eureun, mun Persib tos juara,” walonna.

    Jadi bobotoh, méré kasugemaan jeung kabagjaan keur Hendi. Manéhna ngaku jadi ngalobaan babaturanana, bisa nyambungkeun tali silaturahmi jeung papada bobotoh lianna. Teu kitu kumaha, da manéhna pada mikawanoh, pada apaleun, pédah sok jadi jurig pocong téa.

    Kitu deui mun manéhna kabeneran mulang ka Ciamis, nu karenaleun mah kabéh geus pada surti. Unggal Persib ka Ciamis, para bobotoh Ciamis ngabagéakeun Persib, jeung ka manéhna, ‘Si Jurig Pocong Bobotoh Persib’ téa. "Alhamdulillah," pokna.

    Tidak ada komentar:

    Posting Komentar

    Sejarah

    Fiksi

    Inspirasi