Béja Sedih ti Banjarsari

“Gusti, ku aya-aya waé, nya…,” Bi Empat semu rawah-riwih di tukang. Kukumbah téh bari ngecebrek semu nu mudalkeun amarah, najan teu pati bedas.

“Naon, Empat?” Bah Éjé nu ti tatadi curinghak, nalek bari témbong panasaran. Bi Empat pépérén heula gelas jeung piring, gap kana baki eusi kopi, kakara nepungan ka hareup. Warung tiiseun kénéh, ukur aya Bah Éjé jeung Mang Muin, nu sok rajeun eureun heula pasosoré, samulangna ti pagawéan. Tukang bas, Mang Muin téh, keur ngagarap imah di Belender, cénah.

“Ieu, Abah, aya murangkalih istri yuswa tilulas taun, urang Kubangpari, Desa Cibadak, Banjarsari, digadabah ku pamuda tiluan. Deudeuh teuing, Gusti...,” pok kitu téh Bi Empat matana semu ibunan, “abdi mah ras émut ka pun anak, Bah, apanan SD kénéh ogé. Gustiii, mugia maparinan panangtayungan ka kulawarga abdi….”

Bah Éjé maca istigpar. Barabat, Bi Empat ngabéjér-béaskeun warta media, nu pajar dibéjaan Jang Angga, anak RT Sawal, nu anyaran tadi nyimpang ka warungna, saméméh Bah Éjé jeung Mang Muin datang.

“Kudu leuwih ati-ati ngidinan barudak ulin, nya, Bi,” Mang Muin teu eureun gogodeg, “jeung deuih kudu écés ulin ka mana, jeung saha, aya kagiatan naon waé. Palalaur, ayeuna mah.” Gap kana cikopi, suruput, suruput, bangun nu nimat. Leungeunna ngodomang kana bala-bala haneut.

“Lah, nyaéta, aya serba salahna nya, Jang Muin,” Bah Éjé mairan, “ari dikerem waé meureun kuuleun. Ari bébas teuing bisi kumaonam. Jeung pangpangna mah kunaon atuh nya, éta nepi ka kituna kalakuan para pamuda édan téh?”

Can kungsi aya nu mairan, Pa Dana norojol mantén. Sup, asup ka warung.

“Assalaamualaikum. Euleuh, aya ku daria nu ngalobrol, aya naon ieu téh?” uluk salam téh bari katémbong hémeng, nempo nu keur galuntreng. Saur manuk, pada ngajawab salam. Bah Éjé mah surti, derekdek wéh nyaritakeun eusi wangkongan.

“Kantos maca seratan,” Pa Dana mairan tutas unggut-unggutan. Gék diuk gigireun Mang Muin, “di antawis sabab perilaku kekerasan seksual ka murangkalih téh nyaéta kirangna pengawasan sepuh, perilaku korban, kaayaan, jeung nu pasti mah ku ayana kasempetan.” Bah Éjé jeung Mang Muin unggut-unggutan.

“Leres, Pa. Saur Bang Napi téa, nya?” Bi Empat ngalokan, sapuk kana pamanggih Pa Dana. Solongkrong mikeun kérésék nu metet ku goréngan, “ieu pesenan Ibu, Pa, parantos dibayar. Kanggé arisan, saurna?”

“Ari para pelaku mah, cénah ieu gé tina tulisan téa,” Pa Dana neruskeun bari nampanan pesanan, “bisa jadi di antarana ku sabab boga kahayang nu kurang kawadahan…. “

Mang Muin curinghak, Bah Éjé ngarérét.

“Ah, Pa Ustad mah, atuh abdi asa kasindiran, yeuh,” Mang Muin nyéréngéh, rumasa geus lila hirup nyorangan, “numawi, mana atuh pajar badé mangmilariankeun pibojoeun téh, Pa?”

“Lah, Mang Muin mah,” Bi Empat nyamber omongan, “apan ku salaki kami gé geus disodoran, kalah murungkut ningan. Sabar, Mang, ké aya waktuna, geura. Barina, percaya ari ka Mang Muin mah, moal bet kababawa ku sakaba-kaba.” Cénghar deui dikitukeun mah, Mang Muin téh.

“Nu loba pangaruhna téh, deuih,” Pa Dana nyacapkeun kamandang, “loba pamuda nu kajurung jadi ngalakukeun kekerasan séksual téh ku sabab narkoba jeung némpo sarupaning eusi media nu kaasup kontén pornografi téa.”

“Taaah, enya!” Mang Muin giak némbalan, “Si Kojék jeung Si Ramon sabalad-baladna tah, préman teu puguh, nu raremen pisan mukaan pidio nu kararitu téh. Sugan mah narongton naon dina hapé téh. Tingrariung salila-lila.”

Bi Empat nyenghél. “Naha geuning apal, Mang?”

(sumber wartos Jang Angga: Harapan Rakyat)
selengkapnya...

Kudu Muka Topi Lamun Ngaliwatan Jembatan Cigedé!

“Ieu jembatan… aya ku pikakeueungeun, nya, Béh?” Angga nuduhkeun tab-na ka Bah Éjé. Bréh, warta ti Harapan Rakyat ngeunaan Jembatan Cigedé nu aya di wates Desa Indragiri jeung Desa Cinyasag, Kacamatan Panawangan, Ciamis. Nu dituduhan, nyidik-nyidik bacaeun, kotka kerung-kerung sagala.

“Rada samar tadi mah. Oh… enya, kungsi atuh Abah gé ngalanto ka dinya mah,” pok Bah Éjé, “alus jih, ayeuna mah ningan jembatanna.” Gap, kana gelas badag, regot deui nginum cikopi hideung kameumeutna. Teu lila geus ngelepus deui udud, kaselang sakeudeung ku jegoh batuk maneuhna.

Angga tarapti neundeun gadget kana tasna. “Naha leres éta téh tempat pamiceunan mayit, Béh?”

Bi Empat nu keur ngagoréng bala-bala, curinghak. “Hiyyy, nanahaon atuh, kasép, énjing-énjing bet maos berita holor?” nyelengkeung ti tukang, tarik nakeranan, ngéngkréng. Angga nyéréngéh, laju nguyup téh manisna. Wanci geus ngagayuh ka beurang, tapi aya kénéh waktu keur ngahanca géhu bari ngawangkong di warung parapatan. “Héhéh, resep wé, Bi, komo cénah aya jurig geulisan da wartosna,” pokna.

“His, ari taeun téh. Tong sagawayah nyarios, Cép. Geulis geulis gé ari maung mah….”

“Naon nu holor, Aceuk?” Mang Udin norojol, milu aub dina pangdiukan, tutas markirkeun motor di sagigireun warung. Sigana mireng Bi Empat nu nyelengkeung. “Kopi, Ceuk!” Tukang ojég langganan Angga, Mang Udin téh, ngan kalan-kalan sok hésé ditéangan. Paribasa dines luar cénah, padahal keur nguseup jeung balad sapangaresepna.

“Rék narik, Din?” Bah Éjé ngabagéakeun, diwalon unggeuk, “ieu yeuh, Cép Angga maca berita. Apan lin Jembatan Cigedé nu di wates ka Cinyasagkeun téa, ning?” Mang Udin kerung. Teu lila, “oh… enya, kumaha kitu, Bah?” pokna, bari cekés ngahurungkeun rokona. Serebung, serebung, bangun nimat nakeranan. Gaya maneuhna laju nuturkeun, nyekel roko bari memener topina. Topi kameumeut. Keur ngojég atawa henteu, dipapaké waé, samalah henteu kahalangan najan keur maké hélem ogé. Barabat, Bah Éjé nyaritakeun sual jembatan téa.

Can gé tamat nu cumarita, “laaah, tong ngandel teuing ka nu kararitu atuh, Cép!” pok Mang Udin ka lebah Angga. Nu dipencrong ukur ngahéhéh. “Mamang geus sababaraha kali ngaliwat ka patempatan-patempatan nu pajarkeun angker jeung geueuman, amaaan! Nu penting mah tong sieunan, Cép,” pokna daria. Angga kateug, antara rék ngahéhéh atawa unggeuk. Ngan, geus kajudi, nu nyanggut mah gigireunana.

“Ah, siah, kawas nu heueuh wanian, Udiiin!” pok Bah Éjé, séwot. Mang Udin teu riuk-riuk, ngadon kerewek kana leupeut jeung bala-bala. Camuil, camuil. Eunceup bureuteu ogé, ngahanca kadaharan téh gancang kacida. “Tong sieun ku nu kararitu, Bah, Cép. Ieu keudeung deui gé kuring rék nganteurkeun barang ka Cinyasag puguhan, tuh dina motor kardusna, dititah ku Bapa Kuwu. Tenaaang, tenang wé atuh, lah. Pajar heueuh taun dalapan puluhan kungsi jadi pamiceunan mayit residipis mah, atuh éta mah jaman iraha. Ulah sieun ku nu kararitu!”

Bah Éjé geus rék calangap, kandeg mantén ku “ieu kopina, Mang. Kadé tong hilap nu kamari, sakalian nya, mayarna!” Bi Empat norojol bari mésem, mawa cikopi hideung panas nu kebulna atra. “Siap, Aceuk! Naon, Bah?”

“Tong sompral, Din! Enyaan wani manéh téh?”

Serebung. Haseup roko mumbul deui ka luhur. Mang Udin ngangkat sukuna nu beulah katuhu, éta gé sarua kabiasaanana. Leungeun katuhu nu nyekel roko geus napel deui kana sirahna, laju ngised-ngisedkeun topi bangun nu can genah posisina. Unggal waktu tatéh, si topi tara pas waé posisina.

“Saur berita ieu, Mang,” Angga geus muka deui gadget kameumeutna, némbongkeun situs warta online téa ka Mang Udin nu semu hare-haré, “pami ngalangkung ka jembatan éta bari teu muka topi, bakal kasambet, Mang, bakal gering cénah!”

Pluk. Warung Bi Empat rada simpé sakedapan. Bah Éjé ngarongkong ka kolong méja. Gap kana topi kameumeut téa. Nu nampanan, can ilang piasna. Lapur, rokona mah mecleng teuing ka mana.
selengkapnya...

Asal-usul Situ Léngkong Panjalu


Situ Léngkong kaasup kana wilayah Désa Panjalu, Kacamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis, Propinsi Jawa Barat. Dina Bahasa Indonesia mah kecap 'situ' téh nyaéta danau téa. Situ Léngkong, katelah ogé Situ Panjalu, ayana di 700 mdpl (meter di saluhureun permukaan laut). Ieu situ, ceuk sumber, miboga lega kurang leuwih 67,2 hektar. Di satengahing situ aya pulo nu disebut Nusa Larang atawa Nusa Gedé, atawa aya ogé nu nyebutna téh Nusa Panjalu.

Numutkeun carita rahayat jeung Babad Panjalu, sakumaha nu di antarana kaunggel dina laman wikipedia, Situ Léngkong téh saenyana 'danau buatan' atawa situ jijieunan tarékah manusa. Asalna, ieu wewengkon téh mangrupa lemah nu legok, nu ngurilingan hiji pasir (gunung leutik) nu ngaranna Pasir Jambu.

Kacaritakeun, nalika Sanghyang Borosngora rérés tina gururu élmu agama di tanah suci Mekkah, mulangna téh nyangking babawaan, kayaning oléh-oléh atawa cinderamata. Salah sahijina, ahéng kacida, nyaéta cai zamzam nu dibawana dina gayung batok kalapa anu barolong (gayung bungbas). Cai zamzam téh cur wéh dieusikeun kana wewengkon anu legok téa, ngajadi cikal-bakal atawa indungna cai Situ Lengkong.

Pasir Jambu téa anu kiwari ngajadi Nusa Larang, nu ngandung harti pulo larangan atawa nusa nu disucikeun. Ieu téh sarimbag jeung sesebutan keur kota Mekkah, nyaéta 'Tanah Haram', wewengkon larangan nu disucikeun. Teu sagawayah jalma meunang asup ka ieu wewengkon, jeung dipahing pisan migawé sarupaning perkara nu ngalanggar pantangan atawa hukum di sajeroning patempatan éta.

Dina mangsa pamaréntahan Prabu Sanghyang Borosngora, Nusa Larang cénah dijadikeun puseur Karajaan Panjalu. Di dieu pisan dikurebkeunana jasad pupuhu-pupuhu Karajaan Panjalu, nyaéta Prabu Rahyang Kancana, Radén Tumenggung Cakranagara III, Radén Demang Sumawijaya, Radén Demang Aldakusumah, Radén Tumenggung Argakusumah (Cakranagara IV) jeung Radén Prajasasana Kyai Sakti.

Sakitu asal-usul Situ Léngkong Panjalu, destinasi wisata favorit di Ciamis, nu kacutat tina laman "Saung Urang Caimis" (26/7/2011), kalayan didugikeun deui dina versi Basa Sunda-na. Cag!
selengkapnya...